Biantara Seserahan Calon Panganten Pameget
Assalamu alaikum Wr., Wb.
Wiwitan puji syukur ka Yang Widi,
Allah Subhanahu Wata’ala, wirehna dina danget ieu urang sadaya, Ibu-Ibu,
Bapak-Bapak, sareng kadang wargi anu sugri hadir, diparengkeun tepang kalawan
ginulur karahayuan. Salawat sareng salam kanggo Nabiyil Mustafa, Muhammad
S.A.W, panutan urang sadaya.
Salajengna, kalayan asmana pun ….(lanceuk/adi/alo)
Bapak ….oge Ibu….., sareng sakumna kulawargi anu nyarenganana, sim kuring
ngahaturkeun nuhun ka kersana sohibul bait Kulawargi Bapa ………, sareng Ibu …………,
kanggo pangangken anu sakieu utamina. Estu matak reueus nu natamu, matak betah
anu nyemah.
Dupi maksad pun …..(lanceuk/adi/alo) dongkapna
kadieu, tangtos parantos kamaphum. Numutkeun kasaluyuan, dina waktos nu
kapengker, dinten ieu teh, parantos ditetepkeun kanggo ngalaksanakeun akad
nikahna, ti pihak pun ….(lanceuk/adi/alo), ingkang putra ……………………… ka tuang putra……………………………... Numawi
ayeuna kasaksen ku hadirin sadayana, ieu pun Nandang teh, kalawan
diaping ku Ibu Ramana, teu kantun kadang wargi anu nyarenganana.
Mung bae dongkapna teh paripaos
estuning ngaligincing, henteu seueur cacandakan sapertos ilaharna anu bade
pangantenan. Dalah dikumaha da sakieu buktosna. Dina ayana oge kagegelan
saeutik anu tiasa kasanggakeun, teu aya hartosna numutkeun ukuran kadunyaan
mah. Sanaos kitu pamugi tiasa katampi, da kairing ku ati anu wening, tawis asih, simpay katresnan.
Oge peryogi kauninga, leres pun
anak teh tos akil balig, Namung perkawis luang pangalaman dina hirup kumbuh
tangtos seueur kakirang, kantenan dina
hal laki-rabi mah, estuning bolostrong keneh. Kukituna peryogi pangrojong
sareng pangjurung ti para sepuh, malar tumut kana papagon hirup anu didadasaran
agama sareng darigama.
Kulawargi Bapa ……………sinareng
hadirin anu mulya, sim kuring moal bade ngulur-ngulur waktu manjangkeun carita.
Mugi-mugi pamaksadan pun ……, sareng tuang putra …….. diijabah ku Nu
Murbeng Alam, Allah Subhanahu wata’ala, sarta sing saterasna kairing berkah,
taufiq, hidayah, sareng inayahNa, malar hirup hurip, waluya lahir batin
sapapaosna. amin.
Pamungkas sih haksami tawakup anu
kasuhun, hapunten anu diteda, ka sakumna hadirin anu mulya, kanggo sagala rupi
kakirangan sareng kalepatan, boh dina tata basa, boh dina undak usuk bema
krama, anu tangtos tebih tina basa utami, anggang tina kasampurnaan.
Wa akhirul kalam, Assalamu alaikum wr, wb.