Kamis, 04 Juli 2013

Biantara Seserahan Calon Panganten Pameget

Biantara Seserahan Calon Panganten Pameget

Assalamu alaikum Wr., Wb.

Wiwitan puji syukur ka Yang Widi, Allah Subhanahu Wata’ala, wirehna dina danget ieu urang sadaya, Ibu-Ibu, Bapak-Bapak, sareng kadang wargi anu sugri hadir, diparengkeun tepang kalawan ginulur karahayuan. Salawat sareng salam kanggo Nabiyil Mustafa, Muhammad S.A.W,  panutan urang sadaya.
Salajengna, kalayan asmana pun ….(lanceuk/adi/alo) Bapak ….oge Ibu….., sareng sakumna kulawargi anu nyarenganana, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka kersana sohibul bait Kulawargi Bapa ………, sareng Ibu …………, kanggo pangangken anu sakieu utamina. Estu matak reueus nu natamu, matak betah anu nyemah.
Dupi maksad pun …..(lanceuk/adi/alo) dongkapna kadieu, tangtos parantos kamaphum. Numutkeun kasaluyuan, dina waktos nu kapengker, dinten ieu teh, parantos ditetepkeun kanggo ngalaksanakeun akad nikahna, ti pihak pun ….(lanceuk/adi/alo), ingkang putra ………………………  ka tuang putra……………………………... Numawi ayeuna kasaksen ku hadirin sadayana, ieu pun Nandang teh, kalawan diaping ku Ibu Ramana, teu kantun kadang wargi anu nyarenganana.
Mung bae dongkapna teh paripaos estuning ngaligincing, henteu seueur cacandakan sapertos ilaharna anu bade pangantenan. Dalah dikumaha da sakieu buktosna. Dina ayana oge kagegelan saeutik anu tiasa kasanggakeun, teu aya hartosna numutkeun ukuran kadunyaan mah. Sanaos kitu pamugi tiasa katampi, da kairing ku ati anu wening,  tawis asih, simpay katresnan.
Oge peryogi kauninga, leres pun anak teh tos akil balig, Namung perkawis luang pangalaman dina hirup kumbuh tangtos seueur kakirang,  kantenan dina hal laki-rabi mah, estuning bolostrong keneh. Kukituna peryogi pangrojong sareng pangjurung ti para sepuh, malar tumut kana papagon hirup anu didadasaran agama sareng darigama.
Kulawargi Bapa ……………sinareng hadirin anu mulya, sim kuring moal bade ngulur-ngulur waktu manjangkeun carita. Mugi-mugi pamaksadan pun ……, sareng tuang putra …….. diijabah ku Nu Murbeng Alam, Allah Subhanahu wata’ala, sarta sing saterasna kairing berkah, taufiq, hidayah, sareng inayahNa, malar hirup hurip, waluya lahir batin sapapaosna. amin.
Pamungkas sih haksami tawakup anu kasuhun, hapunten anu diteda, ka sakumna hadirin anu mulya, kanggo sagala rupi kakirangan sareng kalepatan, boh dina tata basa, boh dina undak usuk bema krama, anu tangtos tebih tina basa utami, anggang tina kasampurnaan.
Wa akhirul kalam, Assalamu alaikum wr, wb.